MIELING BASA INDUNG (EMA)
#tantangan Gurusiana
#ke-33
EMA
Ba'da solat subuh ema geus tatahar ngasupkeun suluh digigireun hawu, kalayan mahèkeun minyak tanah dina cempor nu kelap-kelip katiup angin ti luar tina celah-celah bilik, cekrès sora panèkèr, jegur ngahurungkeun suluh. Rèngsè ti cai, hèng cai tèko disada tanda asak, cur cai dibahèkeun kana tèrmos, sèsana dikulucurkeun kana gelas nu tos diasupan kopi hideung nu karèk meunang nutuan kamari sorè."Abahna, tah kopi panas!" Bari sok di luhureun meja butut nu geus rada reyod. Abah unggeuk nganuhunkeun."Sujang hayu geuwat hudang!" Ema ngageuingkeun adi kuring nu lalaki, nitah gancang ka cai.Budak tèh teu buru-buru hudang kalah malik nyangigir kabèh juru dipan bari menerkeun sarung nu geus katingali tinggal hinisna.Ema nu geus satengah tuwuh koloyong ka jero pangkèng jungkel sholat subuh aya kana saparapat jamna karèk kaluar bari nyarita ka kuring, " Eni yeuh seuseuh mukena ema ayeuna, bisi teu garing!" Bari song diasongkeun ka kuring. Terus ema ngageuingkeun deui adi nu tadi murungkut deui, bari pokna, "Jang hayu geuwat subuh, bisi beakeun rejeki." Ceuk ema. "Bisi dipacok hayam nya Ma!" Ujang nguniang bari gigisik. " Nya lamun geus gede sing ageung milik, bisa nyugemakeun ema jeung abah." Walon ema, bari terus ka dapur neruskeun nyangu.Kuring mah angger unggal subuh tèh sok mantuan ua jeung bibi nyeuseuhan pakèsnana selang dua poè sakali. Bubuhan uwa jeun bibi mah rada beunta boga sawah lega, ari ema mah seep dipake tatamba bapa nu gering tos naunan.Kuring jeung adi teu bisa sakola nepi ka luhur ngan saukur tamat SMP, nya kumaha atuh da kaayaan, jeungna deui sakola jauh ti lembur kuring.Keur nyeuseuh kuring ngalamamun bari ngagerentes dina hate ningali mukena ema nu tos soek, jeung tinggal hinisna ditambah ku rupa anu kuleuheu. Ke isukan bari nganteurkeun baju ka ua rek wakca kulianana rek menta mukena nu teu kapake. Ke nu ti bibi mah rek terus ka pasar rek meuli lauk asin jeung bungbu dapur sapuratina, da ari beas mah sakapeung sok dibahanan ku ua jeung bibi.Isuk-isuk kuring geus indit ka ua nu bumina rada anggang limaratus meteran ti imah kuring, dibaturan ku adi anu sapuratina mang mawakeun pakean nu tos kenging nyeuseuh tea.Saanjogna ka bumi pun ua kuring jeung adi uluksalam, torojol ua muka panto. "Bagea hayu ka lebet, tah ua gaduh kulub sampeu." " Nuhun uwa! Abdi tos sarapan heula." Ceuk kuring. "Aduh ema mah tanginasnya, wayah kieu tos peren. Kuring unggeuk nandakeun ngamuhunkeun.Sanggeus peren di dapur pun uwa kuring gura-giru amitan. Bari nganuhunkeun uwa ngeupeulan kuring. Kuring jeung adi sasalaman ngok dampal leungeuna bari dicium.Kuring bungah bari nempelkeun duit kana dada. "Alhamdulillah." Kuring rada cumalimba.Isukna kuring nangtung sisi jalan gedè, ngagupay tukang bèca nu rada anggang aya di gang Arjuna, koloyong tukang bèca nyampeurkeun, kalacak kuring tumpak. "Pasar Mang!" Teu loba carita sapanjang jalan kuring ngalamun, hayang ngabagjakeun ema. Keur anteng mikiran warna jeung model mukena nu cocok keur ema, "Guprak, beca ngoloyong ka sisi trotoar." Kuring teu inget di bumi alam, ngan aya nu ngeclak cipanon ema murag dina leungeun kuring, ema diuk di sagigireun kuring. "Hampura Ma!" Ema ngan bisa ngusapan buuk kuring.
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
Ngiring ngalimba macana...
Hebat guru bahasa Indonesia yang nyunda banget...