Cetil di Kalapaan
#TantanganGurusiana
Tantangan menulis hari ke-47
Hapunten Ibu Bapa, abdi bade Minggu nyunda.
Sumangga di aos Supados kahartos tur karaos
Sok sanaos nuju teu aya artos
Keun weh ulah diemutan, sawios.
Mending oge, di aos seratan pribados
Anu nembe diajar, rumaos.
...............................
Kumargi tiasa ari dinten Saptu sareng Minggu nyerat nganggo bahasa daerah di ieu blog gurusiana. Abdi bade nyobian Minggu nyunda.
Anu namina mulok bahasa daerah tea.
Hapunten ka sadayana, rerencangan abdi saparakanca.
Bilih aya saur nu teu ka ukur.
Reka basa nu pasalia.
Rumaos, abdi pituin urang Sunda. Pun biang asli Banten, pun bapa asli Sunda.
Tempat lahir abdi ti hiji lembur singkur di daerah Kabupaten Pangandaran anu tos kakoncara dugi ka mancanagara saurna.
Kapungkurna lebet ka Kabupaten Ciamis, ti kawit tahun 2008 upami teu lepat, aya pemekaran wilayah, janten ngahiji sareng Kabupaten Pangandaran dugi ka ayeuna.
Alhamdulillah kakoncarana kumargi ayana pantai Pangandaran anu eksotik tea sareng tempat ameng anu sanesna, nyaeta "Grand Canyon" di Cijulang.
Abdi didieu sanes bade ngabahas Pangandaran.
Mung ieu emut kana katuangan anu namina "cetil" saur urang ditu mah.
Bapa ibu uninga kana katuangan cetil?.
Aya oge anu nyarioskeun cenil, randa menut saurna urang Karawang mah. Rupi-rupi lah......mangga eta mah teu janten masalah.
Ieu teh mangrupi hiji katuangan jaman abdi baheula di lembur.
Foto ieu asli sanes masakan abdi, ieu mah kenging copas alias copy paste tea ti aki google....hapunten.
Cetil ieu raos dituang sareng kalapa ngora anu diparud. Dipuruluk ku gula bodas.
Raos pisan kanggo rencang ngopi atanapi rencang ngobrol di tepas dina salu payuneun atanapi di gigireun bumi. Ku matak waas nyawang mangsa anu tos kalangkung.
Ieu cetil teh kadaharan abdi nuju alit, basa harita nuju SD keneh di lembur.
Numawi pun biang jarang pisan ngadamel cetil, abdi sareng rerencangan saparakanca sok meser wae ti pasar. Dinten pasar di lembur abdi khusus nyaeta dinten Salasa sareng Sabtu hungkul. Ti kawit tabuh 06.00 dugi ka tabuh 10.00 oge pasar di lembur mah tos tiiseun kunu icalan atanapi ku nu balanja.
Biasana bahan baku cetil ieu tina aci sampeu, di adon sareng cai teras diwarnaan rupi-rupi: aya beureum, koneng, hejo,hideung, kayas, bodas sareng sajabina.
Dimasak dugi ka kentel, teras di gulung-gulung baruleud atanapi di potong-potong sakumaha bae hoyongna.
Teu hilap upsmi tos asak sareng tos di cetak, ieu cetil di kalapaan sareng dipurulukan gula bodas. "Hmmm pokona mah nikmat pisan teuli.....!".
Eh hapunten "teuli" teh numawi bahasa khas lembur abdi nu teu aya hartosna. Eta teh kecap pangtegesan rupina mah.
Katuangan ieu teh, abdi hobi pisan. Sok meser ti pasar sabungkusna 200 rupia kapungkur mah. Duka ayeuna...!?. Sigana mah 5000 rupia panginten ayeuna mah.
Upami di Kota mah sok rada sesah milari katuangan nu sapertos kieu teh. Duh.....nalangsa!.
Rupina masih aya ieu cetil upami di lembur mah. Biasana sok aya rencangna cetil teh, mangrupi katuangan tina sampeu atanapi aci sampe sapertos tiwul, oyek, kalitot, aya oge anu diwarnaan hideung alami nganggo merang pare. Raos pisan pokona mah. Gunyal-genyol ieu baham ngadahar cetil di kalapaan. Hehehe....
Hapunten sok aya sisindiran sapertos kieu:
"Kueh Cetil dikalapaan,
Jadi jelema ulah sok centil bisi teu dibaturan".
Ampun paralun, hapunten anu kasuhun.
Ari urang Sunda mah sok seueur banyol.
Tos sakitu wae ti bibi.
Rumaos abdi mah seueur pisan alo-alo na, sadayana aya 23 jalmi.
Seueur pisan nya?.
Eta teh palaputra ti raka-raka abdi sadayana anu jumlahna aya 5 jalmi. Abdi anu paling bungsu.
Rumaos keluarga besar alias KB tea, hehehe... janten seueur nu manggil "bibi" ka abdi teh.
Nyawang mangsa nu tos kalangkung, hirup di lembur anu genah tumaninah, jujur adil makmur.
Ciamis manis manjing dinamis.
Permios. Salam baktos ka sadayana urang sunda. Salam literasi!. Minggu nyunda.
Haturnuhun.
Nyerat dina korsi sabada ngahanca Qur'an, ping 01 Maret 2020.
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
Alhamdulillah sdh bisa up load foto ketima gurusiana sedang lancar jaya terimakasih.
Aih ibu diaos ti luhur dugi ka handap... Mana kuena... Teu aya geuning.. .hege
Muhun. System error.
Aih ibu diaos ti luhur dugi ka handap... Mana kuena... Teu aya geuning.. .hege