FIKSI MINI PUTUS
Tring…! Sora disada kenceng tina handphone kuring anu aya di luhureun meja ruang tamu, tempat kuring keur nangkarak gogoléran dina sofa. Najan keur resep nyawang ngalamun, teu burung geuwat dicokot, dibuka koncian HP-na. kuring tuluy muka aplikasi Whatsapp, anu mana éta sora kenceng téh asalna tina pesen chatna.
Dibaca dina jero haté..lalaunan. eusina teu pati panjang :
“Kang…hapunten. Wayahna urang kedah putus ayeuna pisan!”
Rada nyureng kuring macana. Ngarenghap sakeudeung, tuluy ngetik papan tombol pikeun malesan. Jawabanana éstu pondok pisan :
“Mangga!”
Réngsé ngabales chat, HP dialungkeun ka juru sofa tuluy ngabeubeutkeun awak, nangkarak deui. Jero haté ukur ngagerentes :
“ahirna…geus cunduk kana waktu kudu pegat duriat.”
Kituna mah karasa ku diri sorangan, lamun haté geus papada ngarancabang, moal hadé dipanjangkeun ogé.
Kuring nyawang ka lalangit imah anu rambay ku ramat lancah, nuluykeun lamunan anu tadi kapegat. []
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar